Friday 6 September 2013

Kumpulan Sisindiran Bahasa Sunda

Pada kali ini Saran Kita.com akan memposting tentang kumpulan sisindiran bahasa sunda , oke tanpa berlama lama lagi kita langsung bahas aja ;) :

Kumpulan Sisindiran Bahasa Sunda

 


Rincik rincang rincik rincang
aya roda na tanjakan
sidik pisan sidik pisan
nyai teh bogoh ka akang

Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
tai cakcak ninggang huntu
laun-laun nya dilebok


Kembang cula kembang tanjung
kembang sagala domdoman
rek sabulan rek sataun
moal weleh diantosan

Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpung jengkol
aya randa gogoakan
katinggang ku hulu botol

Jauh jauh manggul awi
nyiar-nyiar pimerangeun
jauh-jauh neang abdi
nyiar-nyiar pimelangeun

Aya listrik di masigit
caangna ka Pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
hanjakal teu di calana


jalan-jalan ka cianjur

nijek batu ngajelegur
hanas meuli bajigur
diambuan bau bujur

kini kini kuang kuang
geutok geutok peupeundeyan
nini nini keur mendeyang
di bekok peperedeyan


ecet-ecet oet-oet
barudak ngarurek belut
kapelet kuring kapelet
ku randa nu gede hitut

malati kembang malati
dipelakeun dina batu
upami hoyong ka sim abdi
dongkap wae ka buah batu..


Kini kini tiparigi
anak bogo na ayakan
nini nini lari pagi
ngajedog dina tanjakan...


sugan teh kaliki dangdeur
boro abdi gancang ngadek
sugan teh lalaki bager
boro abdi gancang daek

di keubon aya nu mancing
henteu acan di acukan
lamun urang eukeur geuring
geura – geura di ubaran


Meuli jagong keur japati
Eta jagong di awurkeun
Eta beungeut jiga peti
Anu erek di kuburkeun

Aya mobil warna silver
Mobilna keur ngala pare
Lamun maneh hayang pinter
Ulah loba teuing sare

lamun maneh boga keris
sok paehan lauk hiu
lamun maneh jago inggris
naon artina I LOVE U


Si abah rek ka cai

nya mawa odol jeung anduk
ulah tanggah kana kai
bisi kapodolan manuk..

eta aya ucok baba
ekeur nangkring dahar tempe
sakieu weh da geus loba
tos heula nya da geus cape.

Cukup sekian yang dapat saya sampaikan , dan terimakasih telah mengunjungi Saran Kita.com :D

jikalau anda menyukai blog ini tolong sampaikan ke teman teman anda ok?.
cukup sekian dan terimakasih.


0 comments:

Post a Comment